Toptube Video Search Engine



Title:Wayang Golek GH3 Gatotkaca Gugat (Rekaman Audio RRI) - H. Asep Sunandar Sunarya
Duration:04:55:26
Viewed:88,035
Published:06-11-2020
Source:Youtube

SINOPSIS GATOTKACA GUGAT Lalakon ieu sabenerna gabungan dua carita nyaéta Gatotkaca Gugat nu nyambung ka Kresna Murka. Sinigeug, di Karaton Dwarawati, Batara Kresna katatamuan Gatotkaca nu dianteur ku Patih Aria Padmanegara, adina Déwi Setyaboma, pamajikan Batara Kresna. Gatotkaca diutus ku ibuna nu ngageugeuh Karajaan Pringgandani. Maksud ngadeuheus Batara Kresna téh salaku batara nu tugasna ngaréngsékeun sagala pacogrégan di marcapada, ogé aya kaitanana jeung salah sahiji budak Kresna. Gatotkaca ngalaporkeun yén di Pringgandani aya gerakan separatis atawa hayang misah ti Pringgandani. Bawahan Pringgandani nu hayang misah téh Tondawaru. Tondawaru dikawasa ku Prabu Kalabendana. Gerakan separatis éta sihoréng cenah dikokojoan ku Nalaka Suraboma atawa Sutijah nu jadi raja di Karajaan Trajutisna, anakna Kresna ti pamajikan nu kaopat, Dewi Pretiwi. Salian ti Sutijah, aya deui pihak luar nu jadi ulon-ulonna téh nyaéta Kebo Ijo nu dilindungan ku Sutijah. Baruntakna sabagéan rahayat Tondawaru téh disupléy pakakas perangna ku Sutijah. Sanajan Sutijah atawa Nalaka Suraboma téh anakna Batara Kresna, tapi dina masalah ieu méré idin pikeun numpes gerakan separatis. Tinimbanganana, Sutijah geus méngpar kana jalan salah. Keur numpes gerakan separatis, Gatotkaca dibantu ku lanceukna, Anterja jeung Jakatawang. Waktu Batara Kresna keur ngawangkong jeung Padmanegara sabada pamitna Gatotkaca, datang lanceukna Kresna nyaéta Baladéwa ti Karajaan Mandura. Maksud kadatangan Baladéwa nepungan adina téh pédah kapangaruhan ku suanna nyaéta Nalaka Suraboma. Dina hal ieu, Nalaka Suraboma ngadu-ngadu rajawisuna antara uwana, Baladéwa, Batara Kresna, jeung pihak ti Pringgandani, hususna Gatotkaca. Nalaka Suraboma ngabulak-balikeun fakta ka uwana, Baladéwa. Intina mah Nalaka Suraboma ngalakukeun fitnah ka Gatotkaca. Malah ngabéjakeun yén Gatotkaca nangtang-nangtang Baladéwa jeung Batara Kresna. Ku kituna Baladéwa ngadatangan adina, Batara Kresna. Maksudna nanyakeun nu sabenerna sabab ngadéngé béja yén Gatotkaca gé ngadatangan Kresna. Kalakuan Nalaka Suraboma kitu mémang didukung ogé ku ibuna, Déwi Pretiwi. Batara Kresna sabenerna apal yén anakna téh ngabohong sabada ditingali di pusaka Gambar Lopian. Salian ti Lopian. Kresna boga pusaka Cakra Wedaksana nu bisa mukakeun kedok jalma nu nyamuni atawa ngabohong. Ngan aya kajadian nu ngakibatkeun Batara Kresna jadi malik ceuceub ka Gatotkaca. Keur ngaluarkeun pusaka Cakra téh kudu nepak dada nu katuhu, ari ieu sacara teu sadar nepak dada nu kénca. Akibatna mawa pangaruh goréng ka diri Kresna. Leungit kasaimbangan teu bisa ngabédakeun bener jeung salah. Malah leuwih cenderung kapangaruhan ku sifat salah. Antukna Kresna méré idin ka anakna pikeun nyerang Gatotkaca. Sedengkeun Kresna ngadatangan Jongring Salaka atawa Sawarga Maniloka, nepungan Batara Guru atawa Sanghyang Otipati Jagatnata pikeun nginjeum pakakas keur maéhan Gatotkaca. Sabab Kresna apal yén Gatotkaca pernah digodog di Kawah Candradimuka. Moal aya pakarang nu bisa maéhan Gatotkaca salian ti Konta bogana Adipati Karna. Ngan ari Konta mah dipakéna sakali engké dina Barata Yudha. Ku Otipati Jagatnata, Kresna dibérére pusaka tarumpah Gilingga Kancana. Mun tarumpah éta ditajongkeun ka awak Gatotkaca bakal remuk. Ningali Sanghyang Otipati Jagatnata ngagugu paménta Kresna, Batara Narada ngambek terus ngélingan Otipati. Sabab manéhna apal yén Kresna pikiranana keur teu normal akibat pangaruh ti pusaka Cakra Wedaksana. Carios salajengna ... mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag! #wayang_golek_giriharja3 #asep_sunandar_sunarya



SHARE TO YOUR FRIENDS


Download Server 1


DOWNLOAD MP4

Download Server 2


DOWNLOAD MP4

Alternative Download :